9.26.2013

AGUS, BOBOTOH PERSIB

Ngaranna basajan, Agus. Ngan nu ilahar dipaké ku urang Sunda keur ngaran lalaki. Umurna nitih 40 taunan, pangawakan sedeng. Teu jangkung, teu pendék, teu kuru, tapi teu lintuh ogé. Agus téh bobotoh Persib. Kuring kungsi panggih jeung manéhna 3 taun ka tukang di tribun Samping Barat keur diriung ku barudak nu hayang difoto bareng jeung Agus.

Najan ngaranna basajan tapi Agus téh istiméwa keur sakumna bobotoh mah. Totalitasna ka Persib teu kudu ditanya deui, méh unggal pertandingan kandang di SJH atawa Siliwangi, Bobotoh nu di Tribun Barat pasti panggih jeung Agus. Agus oge diistiméwakeun ku nu jaga karcis (usher). Manéhna mah gratis asup stadion téh, teu kudu maké karcis. Agus téh urang Ciparay.




Indit jeung balik lalajo Persib salawasna numpak sapédah. ‘Go green’ téa meureun sumangetna mah. Sabot balik lalajo Persib ti SJH, sababaraha kali kuring panggih jeung Agus keur ngaboséh sapedahna mapay jalan Cipatik ti SJH ka Kopo-keun. Tapi karék kamari tutas Persib maén vs Central Coast Mariners (24 September 2013), kuring ‘kawenehan’ boga ombér bisa ngobrol sakeudeung jeung Agus. Bisa nyokot gambarna di palebah jalan tol Kopo. Peuting-peuting basa Agus keur ngaboséh sapédahna rék balik ka Ciparay.

Soméah , teu talangké waktu kuring ménta idin keur motrét manéhna. Meunang sababaraha jeprétan, tuluy Kuring gé sempet nunutur tukangeun Agus nu ngaboséh sapédahna. Sajajalan Agus teu weléh males panggupay jelema-jelema anu ngagupayan ka manéhna. Cekéng gé, Agus mah istiméwa. Totalitas jeung loyalitasna ka Persib teu kudu diragukeun deui.

Kuring mah asa teu sanggup mun kudu total nurutan Agus. Asa keueung nempo kostum jeung dangdanana mun lalajo Persib. Tuda heueuh, batur mah lalajo Persib téh maké jérséy, kaos bulao Persib, kaos Bomber, Viking, Hooligan, atawa kakasualan (casuals), demi ari Agus mah konsistén pisan lalajo Persib maké kostum jeung di-mik ap siga... pocong!

Ciamis, 26 Séptémber 2013

No comments: