1.10.2013

MAJAR KURING GÉLO - KI UMBARA (1969)



PEDAH KURING IGEL-IGELAN jeung ceuceuleuweungan, barudak awéwé-lalaki ramé aréak-éakan salusurakan, sawaréh pating corowok: "Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!" Ari kolot-kolot nu ngaregreg ti kajauhan, teu kendat garogodeg bangun anu haréraneun pisan. Malah nu narangtungna rada dareukeut mah, kadéngé alistigpar nyarebut jenengan Alloh.

"Emh deudeuh, karunya teuing ngora-ngora tur kasép, ari taeun bet kurang saeundan." ceuk Bi Aning nu nangtung teu jauh, bari ngusapan dadana. 

Tapi kuring teu paduli, mangsa bodo, kuring teu rek ambil pusing; rek disarebut gelo, rék disarebut kurang saeundan. Da kuring pribadi mah ni'mat pisan igel-igelan jeung tetembangan téh. Padahal maranéhna oge mun manggih kabungah jeung kani'matan téh, réa nu sok rerengkenekan jeung hahariringan; tapi tara disarebut gélo, komo maké disarurakan mah. Naha, naon bédana jeung kuring, pada sama mahluk Pangéran? Moal gana-gana kuring igel-igelan jeung tetembangan, mun teu manggih kabungah jeung kani'matan. Kabungah jeung kani'matan paparin Pangéran. Ku lantaran kitu kuring teu paduli, kuring terus-terusan ngigel jeung ceuceuleuweungan:

Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar.
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar.
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar.
Ngaji rasa,
bodo!

Ngaran kuring Dipa, sok Di-Dip-dip-Dip-dip. Ti leuleutik ngaran Dipa téh. Béjana, hartina Dipa téh tai munding. Kungsi ku kuring ditanyakeun ka Ema, basa anjeunna aya kénéh dikieuna. Kieu waleranana téh: "Réa jelema nu ngaranna alus, upamana Haji Sobar, tapi manéhna barangasan. Haji Ma'mur tapi hirupna kékéréhét. Raden Darmawan tapi korétna udubillah, ka nu musapir oge kelu ngusir. Nya kitu deui aya nu nyieun perusahaan Rikrik Gemi, tapi nu bogana nya awuntah nya rucah. Aya nu nyieun ngaran gedong Répéh Rapih tapi ripuh, da usaha teu kaur ku paséa. Tah, nu matak Awak mah dingaranan téh Dipa. Enya Dipa téh tai munding, barang kotor luyu jeung asal manusa. Tapi muga-muga ku maké ngaran kotor téh jadi sabalikna Awak jadi jelema beresih haté".

Waktu umur kuring nincak kasapuluh taun, Ema téh pupus. Sapupusna Ema. Bapa cruk-crek baé. Éta baé nepi ka kuring bujang téh, ngalaman tilu indung téré. Ari indung téré téa réréana mah nya kitu. Tapi kuring teu ngaleuleungitkeun kana kanyaahna, kuring disakolakeun jeung dipasantrénkeun, najan ukur tamat sakola désa jeung khatam Kur'an.

Waktu kuring ‘disapih’ ku Bapa jeung indung téré, kuring teu boga naon-naon, lungah-lingeuh teu puguh gawé. Rék tani teu boga sawah, rék dagang teu boga modal. Hirup di lembur asa sundul, dunya asa jadi heureut. Beng kuring indit usaha milu jeung batur usaha ka peuntas, ka Jambi. Tapi najan cenah di Jambi téh réa duit, ari keur jelema bodo cara kuring mah di mana-mana ogé sarua baé. Eta baé dagang és genep bulan téh ukur boga saongkoseun balik ka lembur.

Hiji mangsa kuring ditéang ku Mang Haji paman kuring adina Bapa. Anjeunna nganaséhatan, kieu pokna téh: "Ditenjokeunana ku Emang Ujang teh bangun teu maju-maju. Maksud téh tina kahirupan, di dieu susah di peuntas ogé susah. Kieu ayeuna mah, turutkeun omongan Emang, Ti ayeuna Ujang kudu ngisat diri. Ujang geura meresihan awak. Muga-muga Alloh maparin pijalaneun Ujang mulya."

"Kumaha carana, Mang? Hoyong ti kapengker abdi téh."

"Sukur atuh ari aya karep sorangan mah, leuwih utama. Kieu carana, sakumaha anu dilakonan ku Emang, basa Emang keur prihatin kawas Ujang ayeuna. Mimiti salila opat puluh poe Ujang kudu mutih, hartina teu meunang ngadahar naon-naon, iwal ti cai hérang jeung sangu. Ari sanguna méméh didahar téh tinyuh heula ku cai. Tamat éta, geura mandi di unggal tengah peuting di balong sarta maju ka hareup. Hartina peuting ka hiji di balong nu pangdeukeutna, peuting ka dua maju di nu ditueunana deui, jeung saterusna. Beuki jauh, beuki jauh, nepi ka opat puluh peuting. Omat ulah kapanggih ku jelema. Sanggeus tamat sarta teu aya halangan naon-naon, Ujang kudu nutup manéh di kamar, ulah ka luar-luar Sarta kudu mati-geni, teu meunang dahar teu meunang nginum, saminggu lilana. Mun anu sakitu henteu batal, insya Alloh sagala pamaksudan Ujang baris dikabul." Tuluy Mang Haji téh miwarang nyatetkeun babacaan-babacaanana, sarta kudu diapalkeun.

Poé isukna ogé kuring geus prung ngalakonan papagah Emang. Malah matuh ogé henteu di Bapa, tapi di bumi anjeunna. Nu kahiji nya éta mutih opat-puluh poé téa, berekah teu aya halangan-harungan nanaon, tamat. Nya kitu deui nu kadua, mandi unggal peuting di unggal balong téh, teu kungsi panggih jeung jelema, kari anu beuratna nya éta ngaringkeb manéh di kamar bari mati geni. Sapeuting, dua, tilu, nepi ka peuting kalima mah, ripuh pisan. Panas bayeungyang, peujit asa dirérab. Keselna lain lumayan, sapeuting téh ngan henteu asa sapuluh taun mah. Titingalan rupa-rupa, pikasieuneun, pikaseurieun, pikarujiteun jeung rupa-rupa deui.

Tah dina peuting ka genep, rupana mah tanaga jeung napsu téh geus béak, awak tiis teu panas teu hareudang, teu halabhab teu lapar, haté manteng ka Nu Hiji. Titingalan nu teu paruguh teu aya deui, langit pinuh ku béntang nu tingkariceup, cahyana aya nu héjo, aya nu konéng emas, kayas, bungur jeung bodas malati; tingsirorot maruragan kana sirah, tiis ni'mat teu aya babandinganana. Peuting ka tujuh, awak geus teu bisa walakaya, haté pasrah ka Nu Kagungan. Jempling, teu aya nu kadéngé teu aya nu karasa, tiis dingin paripurna, suwung, nu aya ngan ka-Akbaran Anu Maha Kawasa.

Katingal leungeun Mang Haji ngarampa dada kuring, tuluy tonggong leungeunna diantelkeun kana liang irung kuring. Lalaunan awak kuring ngangkat, pung ngapung beuki lila beuki muluk. Mang Haji katingalna beuki leutik, nepi ka lesna pisan.

Bus kuring ka karaton sigrong, Gulang-gulang nu jaraga kabéh maréré hormat. Kuring leumpang di tengah-tengah barisan mojang gareulis, anu teu eureun-eureun ngawuran kembang malati ka kuring bari rampak ngarawih, sorana halimpu angin-anginan:

Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar.
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar.
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar.
Ngaji rasa,
bodo!

Burudul para gegedén nu mapag. Kuring dideuheuskeun ka nu boga karaton. Pameget anu linggih dina korsi gading éstu matak sérab ningalna. Lain baé panganggona anu hurung hérang sarwa héjo, tapi pameunteuna hurung mancur pinuh ku wibawa jeung komara. Anjeunna ngahiap-hiap, miwarang kuring ngadeuheusan. Kuring didiukkeun milu hempak jeung gegedén anu caralik di handap di payuneunana. Breng istri-istri téh rampak ngarawih, pok-pokanana persis saperti anu dikarawihkeun ku mojang-mojang tadi. 

Jep nu ngarawih, jung Raja ngadeg, tuluy lungsur nyampeurkeun ka kuring. Ceg pananganana duanana nyepeng kana sirah, bari deku anjeunna niupan embun-embunan. Tuluy sasauran ditompokeun kana ceuli:

"Muga hidep sing jadi jelema soléh. Keun ku Éyang diaping-dijaring."

Ari nyah beunta, kuring pohara kagétna, da geuning keur pada ngariung-riung. Kadéngé hawar-hawar Bapa kuring nyarita ka Mang Haji: "Lain atuh Ki Haji, kumaha mun urang inuman citajén baé sugan budak teh?"

"Ulah Ka, kapalang, kapan ngan sababaraha jam deui baé. Moal, moal nanaon."

"Enya kapan geus sakitu ripuhna. Malah kapan tadi mah, sugan téh geus tuluy. Bisi kuma onam Kaka mah, sieun katempuhan ku indungna."

Ngadéngé kasauran Bapa kitu, kuring maksakeun imut. Atuda kapan Ema téh geus lila teu aya di kieuna.

Tapi Mang Haji keukeuh teu mikeun. Najan mikeun ogé, kuring nu moal daék, atuda cek kuring gé tadi, ayeuna kuring téh geus teu ngarasa halabhab teu ngarasa lapar, teu boga-boga acan parasaan. Komo maké aya kahayang mah.

Gelendung Magrib, kawas nu papaheula pada hayang ngahuapan citajén ka kuring. Mang Haji nadahkeun panangan ka luhur, bari ngucap Alhamdulillah.

Saminggu ti harita, kuring geus jagjag waringkas deui sakumaha sasari. Saminggu deui ti dinya, ka kuring aya nu ngajak nganémer ka Jambi. Beng kuring indit deui ka Jambi ngadua kalian. Ku nu boga duit pohara kuring dipercayana. Kauntungan kawas nu dikedukan baé. Sataun borongan téh kakara anggeus. Kuring balik ka lembur téh rebo ku babawaan. Barang sipat nyamu, wol mah wol. Aya lima koperna. Barang-barang emas perhiasan, aya dua kilona. Duit ngan teu pinuh bae sakopér.

Tepi ka lembur, ngendek popoéan, kuring kawin. Kabéh babawaan dipasrahkeun ka pamajikan, sanggeus misahkeun keur Bapa jeung Mang Haji, itung-itung pamulang tamba kana kahadéanana. Malah indung téré ogé disalinan ka perhiasan-perhiasanana. Pohara aratoheunana. Pamajikan téh koloteun, maké meuli imah sawah, meuli balong ogé. aya tiluna, komo domba mah mani gereyek.

Hiji mangsa karek pisan awéh salam tas salat Subuh, aya sora kana ceuli mani atra pisan: "Hidep téh lain rék jadi jalma soléh téa?"

"Sumuhun."

"Rék ti iraha ngamimitian?"

"Raraosan mah parantos."

"Enya rarasaan wungkul. Ti poé ieu, nya!"

"Mangga."

"Bedahkeun balong nu di girang. Pilihan laukna nu galedé, tuluy bawa ka pasar. Nitah mawana ka nu séjén, buruhan baé sing peryoga."

"Mangga."

"Sasauran sareng saha, Akang?" cek pamajikan nu geus nangtung di panto musollah.

"Ah teu nyarita jeung sasaha!"

"Geuning ?"

"Geus, tong réa carita awéwé mah. Anggur sadiakeun cikopi, Akang rék ka sawah."

Sanggeus dangdan jeung réngsé ngopi, kencling kuring ka balong, der ngabedahkeun dibantuan ku barudak tatangga anu disampeuran sapanjang jalan. Pamajikan mah teu nyahoeun kuring ngabedahkeun téh. Laukna diakut dina karamba ka pasar aya tilu tanggunganana. Nepi ka pasar, cek nu nelepon kana ceuli téh kudu dibagikeun ka nu teu baroga jeung ka tukang baramaén.

Nya dibagikeun, aya nu dua aya nu tilu, pohara aratoheunana. Narampanana oge réréana bari ngadarégdég, tayohna bawaning ku atoh. Kacipta ku haté, manaha teuing nari'mateunana engké ngadalaharna, atuda meureun saumur-umur kakara rék ngadahar lauk pungkil. Haté kuring jadi kebek ku kabungah jeung kani'matan, lantaran geus bisa méré kabungah jeung kani'matan ka sasama kaula. Nepi ka éta rasa téh ku kuring teu katahan deui, rengkenek kuring igel-igelan jeung ceuceuleuweungan:

Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar.
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar.
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar.
Ngaji rasa,
bodo!

Jelema sapasar kabéh ngadeugdeug, barudakna pating corowok: "Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!" Tapi kuring teu paduli, sungut-sungutna ieuh.

Isukna, der deui balong nu di tengah dibedahkeun. Laukna, nya kitu dibagikeun deui. Ni'mat rarasaan téh, rengkenek deui kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan cara kamari. Barudak nu géak-ngéak jeung nyurakan beuki réa ti kamari, tapi nu aratoheun oge beuki réa, aratoh barisa dalahar jeung lauk pungkil.

"Ku naon balong téh, bet laukna dibagikeun? Kapan éta téh meunang meulian burayakna ogé?" ceuk pamajikan bangun keuheuleun naker.

"Na, balong saha kituh?"

"Kapan balong urang”

"Cek saha, hah, balong urang?", bari ngomong kitu téh ngan gampleng-gampleng baé pamajikan ditampilingan. "Bisi teu nyaho, éta téh balong titipan Pangéran, nya kitu deui eusina. Urang mah darma katitipan." Naringal kuring nampilingan pamajikan, tatangga-tatangga pating jarerit sing éling sing éling. Breg ngarogrog.

Tapi nu ditampilinganana mah teu naha teu néhé, ditanya naon nu nyeri oge teu néhé, ku tatangga, kalah ku rungah-ringeuh.

"Baruk naon nu nyeri? Nyeri ku naha?"

"Rek naraon arandika ka dieu?" cek kuring morongos ka nu araya, bari dipelong beungeutna saurang-saurang, "Pamajikan-pamajikan kuring!"

"liih  abong-abong nu burung," témbalna bari tinglaléos ngajarauhan.

Rengkenek kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, haté ni'mat ku geus bisa ngawarah pamajikan nu geus wani-wani aku-angga kana barang-barang titipan Pangéran.

Tah kajadian harita nu ku kuring dicaritakeun dina awal ieu carita téh. Keur ni'mat-ni'matna motah, aya telepon kana ceuli: "Tuh budak nu ingkud-ingkudan parieuskeun sukuna anu cacad téh!" Kabireungeuh ti kajauhan Si Odon anak tatangga budak lalaki umur welasan taun, ingkud-ingkudan ka lebah dieu. Meureun di dituna mah rek milu jeung babaturanana ngaréak-ngéak kuring. Sakanyaho, Si Odon téh geus tanpa daksa ti leuleutik, dampal sukuna anu katuhu teu bisa napak kana taneuh, tapi nyangigir nyanghareup ka jero. Atuh ari leumpang téh nya pengkéh nya ingkud-ingkudan, da nincakna suku nu katuhu mah lain ku dampalna téa, tapi ku gigirna.

Bari terus igel-igelan jeung tetembangan, kuring ngadeukeutan gumplukan barudak. Geus deukeut pisan, buriak barudak téh lalumpatan bari salusurakan. Ku lantaran Si Odon mah teu bisa lumpat tarik, atuh gaceg waé pundukna ku kuring ditéwak. Manéhna teterejelan bari jejeritan. Kolot-kolot anu tadi narangtung baé di kajauhan, ayeuna ngambreg nyalampeurkeun, tingcorowok nitah ngalesotkeun Si Odon. Persis waktu maranéhna daratang ka hareupeun kuring, nu paparahna mah rek narulungan, dampal suku Si Odon ku kuring diparieuskeun, satakerna. Lain ukur ngaderekdek, tapi sorana pating beletok, sada tulang potong. Atuh jelema-jelema anu ngadeugdeug teh pohara rareuwaseunana, malah rea nu tingjarerit. Anéhna, Si Odonna mah anu tadi teterejelan jeung tulung-tulungan ogé, kalah ka cicing, bangun teu nyeri- nyerieun sukuna diparieuskeun nepi ka ngabeletok téh.

Ajaib, kuring oge da ngarasa anéh, sanggeus Si Odon ku kuring dilésotkeun, manéhna lumpat cara nu séjén. Sukuna nu tanpa daksa téh, ngadak-ngadak cageur teu béda jeung sukuna anu kénca, teu béda jeung suku urang.

Naringal suku Si Odon jadi cageur teh, nu araya di dinya euweuh nu lemek sungutna marolongo nangtang laleur. Ari kuring tuluy igel-igelan jeung ceuceuleuweungan deui, atuda haté ni'mat ku geus bisa nyageurkeun budak anu tanpa daksa, anu saumurna jadi pamoyokan babaturanana.

Isukna waktu manceran, kencling kuring indit ka pasar, da aya telepon kana ceuli ngabéjaan harita pisan kudu lalajo nu balanja. Datang téh ka pasar, nenjo nu keur oray-orayan ngantri béas. Awéwé lalaki, di antarana réa aki-aki nini-nini jeung barudak, mangkaning di nu panas nongtoréng. Jorojoy haté karunya. Buru-buru kuring asup ka toko béas langganan, trét nyieun bon dua kintaleun, mayarna kumaha pamajikan. Tara sok teu percayaeun, da nyahoeun kuring réa duit bawa ti Jambi.

Nu keur alantri ku kuring dicalukan, leut ngabrul nyampeurkeun. Béas nu dua kintal téh ku kuring dibagikeun, aya nu tilu léter, aya nu opat léter. Henteu meuli, gratis. Ngan sajongjongan geus amrin. Ningal maranéhna aratoheun, atra kagambar dina beungeut-beungeutna anu sarepa, haté kuring pohara ni'matna. Rengkenek kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan. Anu tadi dibaréré béas oge, komo barudakna, bari naranggeuy boboko béas teh milu nyarurakan jeung maroyokan: "Mang Dipdip gélo! Mang Dipdip gélo!"

Datang ka imah pamajikan nganaha-naha, naha cenah ngabon béas réa-réa teuing, keur naon. Teu dijawab ieuh, malah kuring malik nanya: “Kumaha geus dibayar?"

"Parantos”, walonna.

"Ku duit saha?'

"Ku artos .... titipan Pangéran."

Rengkenek kuring igel-igelan, da ni'mat atuh ngadéngé jawab pamajikan anu sakitu simpatikna.
Ngeng telepon kana ceuli, kudu indit ka tatangga désa, nepungan Ki Jaya. nanyakeun imahna téh imah saha. Ki Jaya téh jelema beunghar jeung pamingpin. Malah beunghar téh, nyieun gedong sagala, sangggeus manehna jadi pamingpin, da saméméhna mah jelema kokoro nyoso. Kencling kuring nepungan. Sanggeus pahareup-hareup, pok kuring nanya:"Ieu téh bumi saha, Ka?"

"Naha kitu?" jawabna morongos.

"Ah hayang terang baé."

"Imah Déwék!"

Ngeng deui telepon: "Jelemana mah tong dinanaon, imahna baé duruk!"

Kuring ngaléos bari teu permisi-permisi acan. Kadéngé Ka Jaya gegelendeng: "abong-abong nu gélo ...."

Balik deui kuring ngajingjing minyak tanah sakaléng, meunang ngabon ti Si Bopéng. Bur-bur minyak ku kuring diséblok-séblokkeun kana imah Ki Jaya. Méméh nu bogana jeung tatangga-tatanggana bisa ngahalangan, geus gur mantén ku kuring disundut. Seuneu ngabela-bela.

Rengkenek kuring igel-igelan, teuing da rarasaan téh ni'mat téh. Jelema-jelema jeung Ki Jaya, lain ribut mareuman seuneu, tapi kalah ka ngaraponan kuring. Atuh gedong jeung eusina téh ledis jadi lebu.

Kana awak mimiti bak-buk-bek nu nonjok nu neunggeul, malah aya nu ku batu sagala. Tapi teuing bet teu karasa nyeri. "Ulah ngalawan! Turutkeun baé kahayang maranéhna," cek telepon kana ceuli téh. Reketek-reketek kuring diborogod, leungeun dibakekeng ditahan kana tangkal buah, suku dibeungkeut dicangcang kana tangkal jambu, bari hantem pada neunggeulan. Kuring peureum bari ngahénén, rarasaan pohara ni'matna.

Nyah beunta, katingal aya pulisi tiluan, tukangeunana jelema-jelema anu tadi ngaraponan mani ngaregreg."Udaran panyangcangna, tuluy gotong asupkeun kana jip!" salasaurang pulisi ti nu tiluan maréntah ka anu araya di dinya.

"Lawan!" cek telepon téh kana ceuli Kuring.

Kuring usik, brét-brét tambang-tambang nu nalian téh paregat sorangan. Pulisi jeung nu araya kabéh aralohok, arengeuheun sotéh sanggeus ku kuring ditangtang. Breg maranéhanana rampak maju,ngangseg ngoroyok. Sebrut kuring narajang, ngamuk nguwak-ngawik. Nu disépak ngajengkang, nu ditajong ngajolopong, nu dijejek ngajehjer. Batu jeung paneunggeul bak-bik-bek kana awak jeung kana sirah, tapi taya nu karasa nyeri. Ningal kitu jelema-jelema réa nu mimiti nungtutan lalumpatan, tapi ku kuring terus dibeledig diubrak-abrik. Dor! Dor! pulisi ngabekaskeun péstolna, tapi taya nu keuna, nembak ka luhur meureun nyingsieunan. Ayeuna jelema-jelema birat, malah pulisi-pulisi ogé ngalalacir. Kadéngé jipna ngagerung, baralik kawasna mah. Kuring balik ka lembur bari igel-igelan jeung ceuceuleuweungan.

Isukna janari kénéh, kuring gé can hudang-hudang acan geus aya nu pupuntenan. Nyah kuring beunta, ngéng telepon kana ceuli: "Turutkeun kahayang tamu teh, da ieu mah pamingpin bener."

Teu mandi-mandi acan, ukur sibeungeut, buru-buru kuring nepungan tamu téa ka hareup. Kasampak téh Bapa Bupati geus calik. Dicalikeun ku pamajikan tayohna mah.

"Cageur Mang Dipa téh?" saurna bari ngasongkeun pananganana ngajak sasalaman.

"Pangésto, nun," tembal kuring bari munjungan.

"Tadina mah kuring ka dieu téh rék engké pabeubeurang, tapi lantaran ngadadak aya interlokal jam tujuh kudu ka Jakarta, nya maksakeun ayeuna subuh-subuh. Ku kuring gé kapikir, tangtu baris ngabarubahkeunana mah ka Mang Dipa téh, tapi da kumaha da kapaksa téa."

"Teu sawios, malah nuhun baé nu aya kanggo abdi mah, Bapa parantos kersa rurumpaheun ka rorompok butut."

"Malah ti baréto aya maksud nepungan téh, basa Mang Dipa kakara datang ti Jambi, rék ménta oleh-oleh béjana rada mucekil usaha téh?"

"Kaleresan baé abdi teh dipercanten katitipan dunya ku Pangéran. Teu bentén sareng Bapa, kaleresan ku Alloh SWT dipercanten katitipan pangkat."

Bapa Bupati ngahuleng bari unggut-unggutan. Tuluy neuteup seukeut pisan ka kuring, tapi bari teu lemék. Ayeuna kuring nu réa nyarita, nyaritakeun pangalaman babakuna mah. Dina tungtung obrolan, Bapa Bupati ngajak kuring sangkan daék dibawa ka dayeuh. Ku lantaran cek telepon ogé kudu nurut kana kapalayna nya kuring daék milu. Sihoréng anjeunna teh dikawal ku pulisi anu samagréng, satilu-tilu, ngadaragoan dina jip. Caritana dius kuring milu ka dayeuh. Nepi ka dayeuh, kuring diasupkeun kana sél paranti nutup nu gélo.

Poé ka opat kuring ditahan, kira-kira pecat sawed .... ngeng baé aya telepon kana ceuli: "Geura balik, pamajikan mamataeun!"

"Enya, kumaha kaluarna, da seél disosi pageuh, jeungna mun bisa ka luar ogé tina ieu sél, moal bisa ka luar ka jalan, nu jaraga sakitu ngaregregna."

"Hayang henteu balik?"

"Puguh hayang mah."

"Sok atuh meungpeung isuk kénéh."

Jung kuring nangtung, ceg kana panto sel digujrag-gujrag, bray muka. Tuluy ka luar, nu jaraga bangun api lain pisan. Datang kana panto ka luar, golotrak nu ngajaga panto téh mangmukakeun, léos kuring ka jalan. Clak kana oplét nu kabeneran keur nurunkeun panumpang saurang.

Datang ka imah. Pamajikan nyarita tas mayar parurugi ka Ki Jaya, nu imahna diduruk téa. Teu dijawab ieuh, da kitu alusna.

Kabeneran harita téh poé Jumaah. Jelema-jelema anu rék Juma'ahan geus mimiti ngaleut. Rengkenek kuring igel-igelan bari ceuceuleuweungan, ngadatangan jelema-jelema anu teu arindit ka masjid. Nu katéwak gampleng gampleng diteunggeulan, nu séjénna birat lalumpatan arindit ka masigit Jumaahan. Unggal poé Juma'ah kuring sok ngeleyeng baé mapayan imah-imah, bisi aya nu teu jumaahan. Nu teu boga samping jeung kerepus, ku kuring dipangmeulikeun. Mun kabéh jelema-jelema sadésa awéwé-lalaki kolot-budak geus arindit ka masigit, haté ngarasa pohara ni'matna. Rengkenek kuring igel-igelan bari tetembangan:

Kuring lain ngaji kosar,
nya biko nya kasar.
Kuring lain ngaji dosar,
nya bodo nya sasar.
Tapi kuring ngaji gosar,
digogo bari disasar.
Ngaji rasa,
bodo!

Manglé No. 200
Juli 1969

“Sawidak Carita Pondok” 
Pedalan PT. Manglé Panglipur, Bandung.
Citakan I taun 1984 kaca 181-189

No comments: