6.12.2011

My QR Code: can you decode this one?

DINAMIKA AKTIVIS MAHASISWA I

Iyeuh,
kudu aktif organisasi
ngarah apal birokrasi
pikeun ngumpulkeun koneksi
jaganing geto nyiar posisi

Iyeuh,
ulah tinggaleun demonstrasi
ngarah nyaho kondisi
sanajan saukur aksi
ngarah batur kataji

Iyeuh,
geuwat rengsekeun skripsi
ngarah gancang meunang korsi
nu gampil keur korupsi
hasilna beulikeun mersi
(ulah poho, bagi-bagi!)

Serang 31 Desember 1993
================
kungsi dimuat dina kumpulan sajak Diari, (1998) & Antologi Sajak Sunda Pamass Unpad (1995)
dihaturanan keur aktivis  mahasiswa 1990-an...

sigana loba nu geus baroga mersi yeuh, bari poho teu bagi-bagi ^_^