8.01.2010

SIKLUS

http://6ix2o9ine.blogspot.com

Papelong-pelong jeung bulan sapasi
nu mencrong luhureun hateup
nyawalakeun mangsa ka tukang
nu kungsi disorang jeung manehna

Papelong-pelong jeung bulan nu kari sapasi
seukeut neuteup pameunteu
mangsa ramo-ramo patingkarait
aya kecap nu hamo kungsi kedal

Bulan nu kari sapasi ukur bisa nyakseni
mangsa katukang hamo kasorang
di luhur hateup aya nu nyangsaya:
cinta
mangsa ngaliwatan siklus dunya
caang nu serab
jeung peteng nu pohara

01082010

No comments: