2.03.2009

PAJAK & NEGARA


Akhirnya, mencoba patuh pada negara...


OK, bila negara ingin rakyatnya membayar pajak, tolong mulai sekarang berantas KORUPSI, karena saya merasa NAJIS bila uang pajak hanya masuk ke kantong pribadi.

Aing mah néangan duit satengah modar, ngabelaan jauh ti anak pamajikan...
Jungkir-jumpalik nahan kasono. Dug hulu pet nyawa. Hulu jadi suku, suku jadi hulu. Nahan kacapé, nahan sagala rupa, kaasup kudu mereketkeun haté ngaladénan jalma nu loba polahna. Kudu ngéléhan dina rupa-rupa pasu'alan séjénna.

TEU RIDLO LILLAHI TA'ALA najan ngan SAPERAK mun duit pajeg di-KORUPSI!!!

Duit pajeg nu dibayar kumaha wé carana kudu balik deui ka rahayat:
pendidikan (atikan) nu murah/ gratis & berkualitas. Layanan keséhatan nu manusiawi & kahontal ku rahayat leutik. Ulah nu loba duit hungkul nu bisa asup rohangan VVIP & layanan dokter kelas t-o-p téh. Ulah barudak beunghar hungkul, nu teu nyaho kanyataan hirup ra'yat leutik, nu bisa ka sakola/universitas nu berkualitas téh.

Kaasup ka Ngarojong Usaha Kecil & Menengah ku dékéngan moral, modal, jaringan, kaamanan, oge pemberdayaan kualitas. Ulah saeutik-eutik pungli, ngurus itu- ieu pungli. Ngadidik guru-guru SD tepi ka Universitas nu manusiawi, katut ngajamin hak-hak aranjeunna nu geus ngatik ieu bangsa. Dipaké ngatik SDM nu bisa bersaing jeung bangsa séjén. Najan jaradi TKI atawa TKW, tapi bangsa urang kudu dilatih jadi bangsa terampil/parigél ngarah teu digunasika di lembur batur jeung ku batur.

Pamaréntah, saprak ayeuna teu kaci cul leos ka warga masarakatna. Duit pajeg KUDU dipake keur ngawangun budaya masarakat Indonesia nu sehat, bersih, beradab, berkualitas, oge parigel dina sagala widang.

Duit pajeg CADU dipake keur meuli pakarang/senjata nu baris ngagunasika rahayatna sorangan.

Duit pajeg LAIN keur dipake mayaran hutang luar negeri, nu sumpah, lolobana dipake keur kapentingan pribadi lain jang balarea.

Duit pajeg MONTONG dipaké keur meulian alat-alat nu teu kapaké ku balarea.

Duit pajeg MONTONG dipake ngawangun bangunan-bangunan nu rayat leutik teu meunang asup ka dinya.

Duit pajeg CADU dipake meuli imah & mobil mewah para gegedén. Komo bari jeung dibikeun ka awéwé simpenan mah.

Duit pajeg TEU MEUNANG dipaké keur ngabangun jalan atawa fasilitas umum mewah nu ngarusak lingkungan hirup.

Duit pajeg LAIN KEUR dipake ngagalaksak leuweung, gunung, laut, jeung sakabeh pangeusina.

Duit pajeg LAIN KEUR nalangan pengusaha-pengusaha bank anu bangkrut alatan ngajalankeun ékonomi ribawi & kapitalistik.

Duit pajeg OGÉ LAIN keur dipake ngamodalan parpol nu eusina saukur avonturir jeung jalma-jalma nu haus kana kakawasaan bari teu maliré rahayat jeung hirup kumbuhna.

Duit pajeg OGÉ LAIN KEUR keur ngagajih anggota dewan nu ngadon sasaré atawa ngadon salingkuh jeung nu lain muhrimna di wanci nu sakuduna mélaan rahayatna. Komo bari jeung dipake mabok INUMAN & NARKOBA mah.

MAMPUH TEU? MUN TEU MAMPUH, EUREUN WE JADI NAGARA TÉH!!!

No comments: